Judul Biantara : Pentingna Ngabersihan Lingkungan
Assalamu’alaikum wr.wb.
Para
wargi anu ku sim kuring dipikahormat, hatur nuhun ka wargi anu atos kémpél dina ieu témpat.
Langkung
tipayun urang panjatkeun puji sinaréng syukur kailahirabi nu mana kalayan
hidayah saréng
inayahna, urang sadaya tiasa kémpél dina ieu témpat kalwan dina kayaan
sehat walafiat.
Dina
waktos ieu, sim kuring bade nérangkeun
sakumaha péntingna
ngabérsihan lingkungan
kanggo urang sadayana.
Urang
sadaya kédah atawa wajib ngabérsihan lingkungan,
pikeun lingkungan urang sadaya bérsih tina sagala panyakit. Panyakit teh aya rupi-rupi macémna, nyaeta aya DBD,
malaria, jeung nusanesna.
Panyakit eta
teh ti reungit anu résép di témpat anu teu bérsih. Ku margi kitu,
urang sadaya kudu ningkatkeun ngabersihan lingkungan, mun tiasa mah unggal dintén minggu urang sadaya
kudu ngabersihan lingkungan. Urang sadaya umat muslim anu ngagaduhan iman di hate urang. Upami urang
sadaya iman ka Allah SWT, bérarti
urang kudu mikarésép kabérsihan supados hate urang oge milu bérsih. Jantén urang kédah hirup bérsih tina runtah nu aya
di lingkungan urang sadaya.
Kacindékan tina anu tadi ku
sim kuring didugikeun nyaeta upami tiasa urang sadaya kédah ngabérsihan lingkungan.
Para
wargi anu mulya. Cékap
sakitu sim kuring ngadugikeun. Hatur nuhun ka wargi anu atos ngadangukeun sim
kuring.
Hapuntén bilih aya kécap anu kirang raos, mugi kérsa ngahapuntén.
Wassalamu’alaikum
wr.wb.
Comments
Post a Comment